Minggu, 31 Maret 2013

Novel Sunda Sandekala karya Godi Suwarna sinopsis dan ulikan strukturnya



RINGKASAN CARITA
Judul            : Sandékala
Pangarang    : Godi Suwarna
Eusi             :
Sumber: manuskripkesunyian.wordpress.com


Dina nopel ieu dicaritakeun aya kuncén anu sok ngajaga Surawisésa anu tempatna aya di Cikawali. Ki kuncén éta ngabogaan incu ngaranna Bagus. Bagus téh digawé jadi Wartawan. Tapi saenggeus ngawartakeun kasus pejabat korupsi, anu pejabat éta téh dulurna kénéh pingpinan pausahaan manéhna dipéhaka. Alesanna mah perampingan cenah. Dalah pingpinan redaksina kalah haré-haré wé sanajan Bagus tepi ka dipecat pisan. Sabab ngarasa teu aman cicing di Bandung, Agus mulang ka kampung halaman nyaéta Cikawali.
Pandu salah sahiji warga di kampung Surawisésa jeung mahasiswa universitas di daérah Bandung dekeut jeung budakna pa Camat didinya. Pa Camat Suroto ngaranna. Dewi budak pa Camat Suroto sarua kuliah di Bandung. Dina hiji waktu, indungna Dewi aya niat rék nitip béja ka Pandu keur Dewi, tapi kusabab Pandu na geuring jadi henteu bisa nitip bejana. Panedu kudu istirahat heula saminggu mah ceuk Dokterna.
Bagus maca koran. Panasaran néangan rohang budaya. Tapi angger wé teu kapanggih. Ari bréh téh, aya poto Sari kira-kira opat ka genep. Sari téh awéwé anu dipikaresep ku Bagus. Tapi Sari na geus kawin ayeuna mah jeung pa Widagdo anu ngabogaan hotel teuing sabaraha hiji. Keur ngalamunkeun Sari téh aya Otong ka imahna. Babaturan manéhna baheula, ménta dibantuan ngamodalan usaha. Bagus anu kakara tas dipehaka boro-boro aya jeung ngamodalan atuh.

Camat Suroto susulumputan nitah Éman pagawéna sangkan mérékeun amplop ka Nyi Nani pamajikan kang Dadang anu geulis tur bageur. Pédah budakna Nyi Nani keur geuring ceuk béja mah.
Pandu rarat-rérét, aya di kamarna kénéh. Indungna ngabéjaan Pandu tadi Akangna nelepon, naha bet mulang téh teu béja-béja. Pandu ukur seuri maur. Rumasa. Nganjrek di kang Déa lanceukna di Bandung téh. Ti barang aya gerakan mahasiswa gé manéhna teu mulang-mulang ka imah lanceukna. Haroréam. Kang Déa na teu panujueun pisan Pandu milu aktif di kampus téh.
Pandu hulang-huleng deui. Rus-ras ka kang Déa. Lanceukna nu cikal. Lanceuk anu ngan hiji-hijina. Anu ngabiayaan sakola ti barang bapana maot. Kang Déa téh pagawé pémda di Bapéda. Beunghar. Tapi sanajan kitu, kasiksa Pandu mah. Da apal éta duitna menang teu bener.
Kang Dadang salakina Nyi Nani gawéna sok ngojég. Dina hiji poé ditatagih ku kang Boja. Pajak jalanan cenah mah, mun teu mayar waé motor rék dirampas. Jaba kang Dadang can mayar salila opat bulan. Balueung deui keur teu boga duit kang Dadang téh. Kang Dadang balik ka imah ti pangkalan ojég teu kapanggih waé. Bet karérét, aya tungtung amplop handapeun tumpukan buku. Amplop dibuka. Goréhél, duit eusina téh. Saratus tujuh puluh lima rébu. Geus lila gé teu kungsi nyekel duit sakitu gedéna kitu.
“ari duit ti saha Nan?” pok na bari némbongkeun duit jeung amplopna.
Nyi Nani ngaranjung pias. Pias pisan.
Kang Dadang terus tatanya éta duit timana asalna. Tapi Nyi Nani na teu ngajawab sakecap-kecap acan. Tungtungna mah duit dialungkeun kana kasur. Mawur. Manéhna tuluy ngagejlig. Kaluar. Ugang-uging nyelah motor. Ngaber.
Nagara harénghéng. Hahargaan marahal. Hama, panyakit, cocoba teu eureun-eureun. Rahayat patingkocéak. Komo geuning Présidén mah. Kalah hayoh anclang-anclangan ka mancanagara, nyiar anjukeun ka mana-mendi. Jangeung ngeusian saku sorangan jeung bekel sanak-kadangna paling ogé. Ras deui ka lanceukna. Kumaha teuing mun heug indungna apaleun. Kapan unggal bulan dibayuan ku kang Déa téh lading tinu kitu pisan. Jadi keuheul. Keuheul ka lanceukna anu teu weléh-weléh bro-broan. Nyenangkeun indung meren tiditu na mah. Tapi da kalah ngadorakakeun atuh. Ras deui kapan manéhna nyaho talajak anu jadi lanceuk, tapi anggeur wé teu bias nanaon geuning. Paméré na teu weléh ditarima. Da butuh téa. Rumasa.
Dewi balik ti Bandung, sono ka Pandu. Bongan ditelepon teu nyambung waé. Kang Boja manggihan kang Dadang. Nanya rék iraha mayar pajak ojég. Bari ngancam lamun teu mayar rék dilaporkeun ka Pulisi.
Isukna, Kang Dadang aya nu ngoroyok jeung nusuk. Pandu jeung Dewi nepungan Dadang di Pawon. Ku limaan dikoroyok na téh. Tegah peuting, dihareupeun warung kérsen, basa Dadang rék mulang pisan ka imah. Duka ari saha-sahana mah. Da hésé poék. Ngan nu puguh mah kang Boja da apal kana sorana.
Pandu, kang Bagus, Dewi, jeung tukang ojég baturna kang dadang rék ngalapor ka pulisi. Sadatangna dikapolsék, Pandu nyaritakeun kajadian anu nimpa ka kang Dadang. Dibantuan ku Dewi.
Di imah, Dewi ditanya ku bapana, camat Suroto. Naha bet milu-milu ka kapolsék. Dewi kalah berontak ka bapana. Kalah sagala diomongkeun. Sagala kagoréngan bapa na. ti mimiti kebon anu di Panjalu, sawah, imah anu di Ciilat, dewi apal éta téh menang teu bener. Bapana ambek kabina-bina. Indungna datang. Misahkeun budak jeung bapana anu keur paséa. Dewi asuk ka kamar nungtungna mah.
Di kampung keur aya unjukrasa. Keukeuh nitah nutup pasar malem. Ditambah deui aya anu nabrak kang Kodir. Kang kodirna pateuh. Motorna mha ancur pisan. Untung aya anu nyaksian. Kang Boja jeung si junéd anu nabrakna téh. Jigana mah pa Camat kasigeung pédah Kodir pangpokalna dina unjukrasa.
Pandu jeung balad-baladna ngarencanakeun rék pawéy, bongan asa sangarenahna waé pikirna. Jaba kang Boja deui teu daék dipanjarakeun. Keur ngarencana kitu, torojol wé Déwi dina motor. Dewi mawa béja yén di imah na aya Muspika keur rapat. Aya nu ti Ciamis deui ceuna mah. Dewi ngintip terus kadéngé yén Pandu, kang Bagus, kang Tisna, kang Zam-zam, Rahman, kang Didon rék diamankeun.
Didinya, kabéhan bingung rék numput kamana. Kang Bagus ngusulkeun nyumput di Tabet. Baturna satuju. Kang tisna, kang Didon, Bagus indit langsung ka Tabet. Pandu mulang heula ka imah barangbawa heula bebekelan. Kabeneran di Tabet na aya Otong pas béh lawang, asup deui aya ki Kuncén deui didinya téh. Nungtungna saréréa ngumpul di batu tapak.
Isukna, di Alu-alun kacamatan. Tenda-tenda pasar malem dibareleum. Telepon sibuk di kantor kacamatan, di Koramil, jeung di Kapolsék. Nu ménta bantuan ka Kabupatén halarésé. Da sakabéh pasukan disiagakeun di Ciamis, di Banjar, jeung di wates Tasik nu sarua keur harénghéng.
Jalma terus-terusan nambahan. Ngagelek budeureun kantor pulisi. Beuki nyedek ka jalan, nutup jalan, terus nyedek kana pager bari aréak-éakkan. Aya malédog ku batu, motor dines digarotong digubragkeun di jalan aspal.sora bedil ngabérébét, sora nu jumerit, sora nu tingkocéak.
Di Terminal geus teu puguh katénjona. Jalma pasuliwer, nu ti rumah sakit, nu ka rumah sakit. Pandu geus di hareupeun kantor dikbud. Teu lila aya wé Dewi. Dewi ngajak ka Tabet. Nungtungna kabéhanna ngumpul di Tabet. Ngan kang Bagus anu can katémbong téh.

Pandu, Dewi, kang Didon néangan kang Bagus ka Cikawali. Tapi teu manggihan. Anu kapanggih téh ngan ukur notes kang Bagus anus sok biasana dibabawa, baju jeung calana kang Bagus. Boa kang Bagus di culik kitu pikirna. Maranéhna terus wé lempang.
Bréh, bet aya kang Dadang anu ngajepat dina léléngkahan pisan. Jeung ceu Nani ma geuning. Getihna rarémbét kamamana. Pandu gogodeg. Leumpangna beuki laun beuki bruh-bréh kang Bagus bet aya didinya. Kang Bagusna ngabebengkang. Nu beungeut na barengep,nu getihna ngaberey tina biwir, tina irung, tina ceulina.
Sora gumuruh, sora nu séah, sora nutinggorowok, sora pélor teu eureun-eureun. Neregteg. Akhirna, Pandu, Dewi, kang Dadang, Nyi Nani, jeung batur-baturna téwas dina kajadian éta.




   

ULIKAN STRUKTUR
Unsur Instrinsik
1.   Téma : Nagara Harééng
2.   Tokoh         :
a.   Tokoh utama
§  Pandu
§  Dewi
§  Kang Bagus
§  Camat Suroto
§  Kang Dadang
b.  Tokoh panbantu
§  Ki kuncén
§  Kang Dea
§  Bu Camat
§  Mang Eman
§  Bi Lasih
§  Kang Didon
§  Kang Tisna
§  Nyi Nani
§  Sari
§  Indungna Pandu
§  Kang Boja
§  Warga Surawisésa
3.  Watek
a.    Pandu      : Wanian, Ngabéla nu bener.
Kaca 157
“keun baé resiko. Batan cicing,” Pandu tuluy gogodeg. “heran, heran ka akang. Akang baréto anu mamatahan sangkan kritis. Ari ayeuna ongkoh-ongkoh baé.”





b.    Dewi       : Aléwoh, loba nanya.
Kaca 126
“Manéhna ukur imut. Ngabandungan anu aléwoh téh. Kayungyuneun. Karasa bubudakeun kénéh pisan. Dewi. Abong karék seméster tilu. Nyarita perkara anu daria téh alahbatan anu ngadongéngkeung piknik. Giak. Kawas anu manggihan cocooan anyar.”

c.    Kang Bagus       : gigih, mandiri.
Kaca 23
“harita, satamatna ti SMA, sanggeus teu hasil jadi pagawé nagri téa, si Bagus lunta ka dayeuh. Nyiar gawé. Duka gawé nanahaon mimitina mah. Tungtungna nya jadi wartawan téa. Bari nuluykeun sakola cenah. Uyuhan sakituna mah, maké jeung sok ngiriman ka lembur. Duitna dikumpul-kumpul jadi sawah najan ukur satapak peucang.

d.    Camat Suroto    : Galak, gurat batu, gedé hulu.
Kaca 165
“Siah! Wani-wani nuduh teu puguh! Ngalawan ka aing?” camat Suroto megat kalimah.
“kumaha papah téh? Orde baru sih, papah mah nya? Ulah galak waé geura pah. Tos teu usum sepuh galak téh. Sanes jaman walanda  ayeuna mah!”

e.    Kang Dadang     : wanian
Kaca 135
“Rampas wé! Tuh, di tempat parkir! Ngan teu gampang meureun,” Dadang mareuman roko. Ngarérét ka si Junéd. Nu dirérét ngabalieur. Lenga-lengo ka soloka, duka keur nénjo naon. Dadang maju saléngkah. Kang Boja kagentak. Mundur. Bangun nu rada reuwaseun.
“da teu sieun ku pulisi. Susuratan lengkep ieuh!” Sorana beuki tarik, manéhna bangung nu pangangguran ngagulung-gulungkeun leungeun baju.

f.     Sari                   : gigih
Kaca 53
“Sari mah rék teras nari wé dugi ka iraha waé gé,” kapireng deui haréwosna basa Bagus keur neuteup kana potrétna.

g.    Bu Camat : Hariwangan, perhatian ka budakna.
Kaca 36
“Melang ka si Nénéng. Teu uih-uih geuning. Teu nelepon deui budak téh,” bu Camat ngagerendeng.

h.    Nyi Nani  : Sabar
Kaca 39
“Can boga deungeun sangu,” Nani ngagerendeng sabot mencrong kana motor nu ngahunted.
“Lah, jeung uyah wé dahar mah Nan,” manéhna ngarérét ka anakna.

i.     Ki Kuncén          : Taat kana aturan
Kaca 46
“Ulah Jang. Ulah ngalanggar aturan. Kumaha mun dibendo ku nu ti Kabupatén? Ku nu ti Bandung?” ki Kuncén beuki nyureng.

j.     Kang Dea : Babantu ka kulawarga, tukang garong duit rahayat, keras kepala.
Kaca 204
“Kurang ajar, siah! Nuduh teu puguh! Nyaho naon sia téh?” Kang Dea médéngkréng.
“Nyaho pisan! Meunang ngagarong! Garong! Meujeuhna digarong deui mah.” Pandu norowéco.
Kaca 116
“Enya. Moal. Moal tepi ka kékéréhét. Da dicukup ku kang Dea sagala ogé, ceuk haténa. Ti saprak Bapa ngareunggeuy nepi ka maotna pisan, dibéayaan ku kang Dea juta-juta.

k.    Kang Boja          : Galak, meres
Kaca 90
“Yah, begitulah. Pajak jalanan téa kang. Mun teu mayar baé, motor rék dirampas cenah, nya?” omong Didon anu keur ngalinting.
Kaca 154
“Pandu jeung Dewi nepungan Dadang di pawon. Ku limaan dikoroyok na téh, cenah. Tengah peuting, dihareupeun warung kérsen, basa Dadang rék mulang pisan. Duka ari saha-sahana mah. Poék. Ngan nu puguh mah kag Boja da apal kana sora na cenah.”

l.     Indungna Pandu : perhatosan ka budak
Kaca 84
“cep, eueut heula landongna.”
Indungna ngasongkeun ubar jeung cihérang. Pandu maksakeun hudang. Lung-leng kénéh. Késang ngoprot. Pakéan jibreg. Tapi teu berat teuing kawas kamari geus bisa nyarandé kana témbok. Manéhna nampanan ubar jeung caina. Dileguk. Saregot.
“Kumaha karaosna, Cép?” ceuk indungna sabot neuteup.

m.  Kang Didon       : Keueungan
Kaca 217
“Ah keueung mah keueung wé,” Pandu terus ngaléngkah, ngarebut batre ti Didon.

4.  Setting      
a.    Tempat   : Di Kamer Bagus
Kaca 30
“Tungtungna, bukuna téh dialungkeun kana dipan.”
b.    Wanci      : Janari
Kaca 31
“Rét kana érloji nu ngagolér dina méja. Jam opat kurang.”
c.    Kaayaan   : Gelisah
Kaca 31
“... Dina kaayaan guligah kieu, bisa jadi maca téh ngan ukur ngabangbrangkeun haté. Mopohokeun karerepet...”


a.    Tempat   : Lawang Pangkéng
Kaca 65
“Saréngséna salat isa, Dadang ngalengo ti lawang pangkéng.”
b.    Wanci      : Ba’da Magrib
Kaca 213
“karék nincak ba’da magrib padahal mah. Tapi bet asa geus wayah kumaha boa...”
c.    Kaayaan   : Hening
Kaca 214
“...Ngarumpul di Tabet Surawisésa, ngadon nyingkur bari angger garuligah. Taya nu lemék. Pabetem-betem...”
5.  Gaya Basa
Hiperbola
§  “Matana ngagenyas badis reumis nu katojo pucuk balebat...” kaca 22
§  “Seuneu ngagarabyag tina tumpukan buku-bukuna...” kaca 25
§  “Seuneu ngarangkadak dina sirahna. Ngaburial tina sungutna. Tina panonna. Tina irungna...” kaca 26
§  “Halimun terus ngagedur dina kongkolak panonna...” kaca 48
§  “Prasasti cipruk ku getih! Reumis beureum dimamana!” kaca 235
§  “Hateup cungkup disiram cahaya bulan nu norobos tina lolongkrang kakayon”kaca 231
Paribasa
§  “Nihan tapa kawali nu siya mulia tapa bagya...” kaca 24
§  “Parebu raja wastu magadeg di kuta kawali nu mahayuna kadatuan surawisésa...”kaca 24
§  “Nu marigi sakuriling dayeuh nu najur sagala désa...” kaca 24
§  “Aya ma nu pandeuri pakéna gawé rahayu pakeun heubeul jaya dibuana..”kaca 24
6.  Puseur Paniteun
Jalma ka tilu nu sarba apal

Kaca 19
“Kakocapkeun, di puseur nagri birahi...”
Kaca 23
“Wartawan cenah si Bagus téh. Baréto, saméméh jadi wartawan,...”





7.  Galur
 Bobok Tengah
Kaca 23
“Harita, satamatna ti SMA, sanggeus teu hasil jadi pagawé nagri téa, si Bagus lunta ka dayeuh...”
Kaca 54
“Obrolan tilu taun katukang. Sarina gé harita mah kuliah kénéh di ASTI...”
Kaca 170
“Matak cuang bareng wé isuk mah! Cuang ngabring ka kantor pulisi!...”

8.  Amanat
ü  Salaku pamingpin urang kudu bisa adil ka rahayat, mentingkeun kapentingan umum.
ü  Kabeneran kudu ditegakkeun, ulah pandang bulu.
ü  Pamingpin kudu sadar yén jabatan pamingpin téh mangrupakeun amanat, kapercayaan ti rahayat.




















Unsuk Ekstrinsik
1.  Biografi

Godi Suwarna

Lahir di Tasikmalaya. Ayeuna netep di Ciamis. Mimiti daria ngarang puisi jeung prosa dina basa sunda timimiti taun 1976 tug tepi ka kiwari. Sajak, carpon, jeung naskah novel na sababaraha kali dilélér hadiah sastra, ti LBSS (Lembaga Bahasa jeung Sastra Sunda), Paguyuban Pasundan, majalah Manglé jrrd. Buku kumpulan puisi anu geus dipedalkeun nyaéta: Jagat Alit (1979)(1982), Blués kéré Lauk (1992), Sajak Dongéng Si Ujang (1998), kumpulan carponna: Murang-maring (1980), Serat Sarwasatwa (1995). Buku Blués Kéré Lauk dilélér hadiah sastra Racangé dina taun 1993. Buku Serat Sarwasatwa dilélér hadiah sastra Rancagé dina taun 1996. Naskah novel Sandékala dilélér hadiah sastra Daéng Kanduruan Ardiwinata dina taun 1998. Naskah novel Déng Dilélér hadiah sastra Oeton Moehtar taun 2000.
Salian ti ngarang, ogé resep maén sandiwara ti bubudak. Sanggeus kuliah, ngadegkeun grup téatér jeung papada mahasiswa IKIP Bandung. Kungsi jadi Sutradara Terbaik  Porseni Mahasiswa Tingkat Nasional. Tuluy ngagabung jeung STB (Study Téaér Bandung), diajar néangan ka Suyatna Anirun. Di STB kungsi maén king Lear, Sang Naga, Impian Di Tengah Musim taun 1997, nyutradaraan pagelaran dramatisasi puisi KongloméraKéréLauk di Universitas Wollongon, Australia. Taun 2005, dihiras maca sajak sunda dina acara Utan Kayu Internasional Literary Biannele nu dialpukahan ku TUK (Téatér Utan Kayu). Taun 2006, dihiras maca sajak sunda dina acara Internasional Poetri Festival Indonesia nu dialpukahan ku DKJ (Dewan Kesenian Jakarta).
Ti taun 1998, ngagagas acara Nyiar Lumar, pagelaran rupa-rupa kasenian sapeuting jeput di tabet (leuweung karamat) Astanagedé, Kawali, patilasan karajaan Galuh. Teu disangka ti anggalna, éta acara dua taunnan téh tétéla pangdeugdeugan tamu ti mana-mana, kaasup seniman-seniman ti mancanagara. Sigana, kulantaran éta téh kawilang unik. Tempat magelaran nyebar di sawatara lokasi situs bari teu ngagunakeun lampu, ukur dicaangan ku pirang-pirang damar séwu, obor, lampion jeung durukan.

2.   Ajén Sosial
Kaca 65
“Saréngséna solat Isa, Dadang ngalengo ti lawang pangkéng. Kasampak anakna keur saré, diréngkolan kénéh ku Nani. Manéhna nyampeurkeun. Budak dirampa tarangna teu panas teuing, teu kawas tadi isuk-isuk, ceuk haténa...”

Dadang ngontrol kaayaan anakna anu keur gering panas.

3.   Ajén Atikan
Kaca 157
“Keun baé. Resiko. Batan cicing,” Pandu tuluy gogodeg. “Héran. Héran ku Akang. Akang baréto anu mamatahan sangkan kritis. Ari ayeuna ongkoh-ongkoh baé..”
“Hampura. Akang anu salah. Kalah cilaka akang gé. Cilaka sorangan. Batur mah ukur ngahucuhkeun wungkul. Hararé-haré geus cilaka kieu mah!”

Bagus anu tadina kritis kana masalah ayeuna mah tara. Kusabab ngarasa dicilakakeun.

4.   Ajén Moral
Kaca 46
“Ulah, Jang. Ulah ngalanggar aturan. Kumaha mun dibendo ku nu ti kabupatén? Ku nu ti Bandung? Ki Kuncén beuki nyureng.

Ki Kuncén mamatahan sangkan ulah ngalanggar kana aturan.









Resensi Novel
Identitas Buku
1.   Judul            : Sandékala
2.   Pangarang    : Godi Suwarna
3.   Tahun Medal : 2007
4.   Pamedal       : Kelir
5.   Kaca            : 240 kaca
6.   Cetakan        : Cetakan kahiji bulan nopember 2007
 Cetakan kadua bulan Januari 2011
7.   Harga           : Rp 50.000,00
8.   Ukuran         : Panjang = 20,5 cm
  Lebar = 14,5 cm
  Tebal = 1,3 cm
9.   Jenis Kertas  : HVS

Kahéngkéran : Kahéngkeran tina novel ieu nyaéta dina tungtung caritana kurang jelas maparkeunna jadi si pembaca kurang paham kumaha akhir tina demonstrasi anu dijadikeun inti parmasalahanna. Tapi tina kabéhanna mah geus alus.


Kaonjoyan    : kaonjoyan dina novél ieu nyaéta pangarang ngaburak-barik logika, alus milih kata jeung ngautamakeun tokoh hadé pamingpin pormal (Camat, Bupati, Kapala desa), Mahasiswa, demonstran, onom, masarakat dina politik di daérah Kawali. Politik anu geus ngahiji jeung cita-cita, ambisi, muslihat, jeung cinta. Amanat anu disampaikeunna cukup jelas. Korupsi anu dilakukeun ngagambarkeun karakusan pamingpin luhur. Novel ieu ogé ngagambarkeun kumaha kaayaan nagara basa pindahna jaman orde baru ka jaman refolusi nyaéta loba demonstrasi anu dilakukeun ku rahayat ka pamingpinna. Salian ti éta novel ieu bisa dibaca ku rumaja, dewasa, kolot jeung sajabana.

13 komentar: